Kumargi sim kuring cinta sunda, kuring bade berbagi Carita Pondok ka aranjeun sadaya, hapunten pami seueur kalepatan dina ngetik atanapi bahasana. :D
“Yo! Tungguan atuh ih!” ceuk
Réna anu atos teu kiat lumpat.
“Keyeup da manéh mah!” bales
Dio bari ngagancangan léngkahna. “ Enggal, Na! Sapuluh menit deui.” Dio ningal
jam tanganna anu tos nunjukkeun tabuh 06. 50.
“Ah! Naha maké teu aya angkot!” ceuk Réna.
“Salah! Naha anjeun teu mawa
sapédah!” ceuk Dio.
“Ih… Embung ah. Kuduna, naha
anjeun nu teu mawa motor?”
“Embung ah, keur hémat bénsin.
Tah éta sakolana!” Gerbang sakola SMA 123 atos katingal ku aranjeunna. Léngkah
Réna sareng Dio beuki digancangan. Pas dugi ka sakola, aranjeunna cilang-
cileung henteu ningal hiji jelma maké saragam di payuneun sakola éta. Jol-
jolna datang Pak Aman, satpam SMA 123.
“Pak, naha sakola téh sepi?”
saur Réna anu masih aya di luar gerbang ka Pak Aman.
“Ih, ari enéng. Gaduh kalénder
henteu di bumi? Da dinten ieu mah dinten Minggu.” IH! Kacida tah érana. Dina
poé Minggu kieu duaan lulumpatan da sieun telat. Untungna tadi jalanan sepi ku
jelma. Ayeunna Dio sareng Réna uih ka kos- kosanana.
“Naha sih kudu kena waé?”
keluh Dio bari ngacak- ngacak rambut ikalna anu tos ngaleuwihan kerah bajuna.
“Maksudna?” Réna teu ngarti
maksud ti kalimah anu Dio sebatkeun tadi. Tapi jol- jol anjeunna terang.“Oh,
maksudna téh naha anjeun milu- milu kabawa éra lantaran sakola di dinten
Minggu, kitu? Nya atos wéh atuh ulah kenal deui.”
Réna anu ngarasa kasindir
lumpat satarik- tarikna. Anjeunna tos kesel saban poé dijadikeun barang
sindiran ku sobatna. Boh tina bentuk fisik Réna anu gendut jeung kulitna henteu
bodas boh tina sipat Réna anu semberono, sareng ceroboh. Sedengkeun Dio téh
kacida kasép, teras seeur istri anu ngadeketan anjeunna. Sipatna ogé wanian,
getol diajar deui.
BRUG! Sora Réna labuh. Rokna
anu panjang katijek sorangan ku Réna anu nuju lumpat. Ningal Réna labuh, Dio
anu tadina leumpang kawa keyeup teh ujug- ujug lumpat ka arh Réna.
“Réna?” saur Dio di pengker
Réna anu jatuhna tengkurep. ”Réna! Anjeun teu nanaon?” taros Dio sakali deui
kumargi teu aya balesan ti Réna.
“Dio! Naha anjeun henteu ngabantuan
abdo?” gorowok Réna. Untungna jalanan di ditu tah sepi. Akhirna Réna dibantuan
gugah ku Dio. Sampaan Réna getihan, teras kapalitek deui. Kusabab éta, Dio
jeung Réna henteu langsung uih tapi istirahat heula di hiji toko anu gaduh
tempat jiga café deui. Réna jeung Dio duduk dina korsi
“Heheheu… Anjeun mah salah.
Ulah lumpat bari maké sarung.” Sindir Dio deui. Nanging Réna henteu paduli
deui. Anjeunna kesel keneh ka Dio. Padahal waktos labuh tadi, anjeunna
ditulungan ku Dio. Dio anu milarian ubar sareng tempat kanggo Réna.
“Na”, saur Dio. “Naha nya
tiasa kitu barengan waé. Inget teu mimiti patepang?” Réna ngarasa sumanget
upami ngobrolkeun hal sapertos ieu.
“Inget,lah. Anjeun ngagetok
sirah abdi maké mobil- mobilan waktos di TK. Teras dugi ka ayeunna Dio sareng
abdi téh barengan waé. Boh kos- kosan boh sakola.”
“Boh kasialanana.” tambih Dio.
Réna ningal Dio kesel. “Anjeun henteu
ngarasa aya naon kitu di manah anjeun?” taros Dio jol- jol serius. Réna anu
ngadéngé kawas jelma anu kacekék. Teu nyangka sobat hiji- hijina tiasa naros
kitu. “Na, sabenerna abdi téh henteu hoyong janten sobat Réna waé. Hoyong
leuwih ti sobat.” Beuki wéh Réna téh kawas sato anu tos maot.
Dina hirupna anu tos 16 taon,
Réna teu acan pernah ngarasaan nu namina gaduh kabogoh. Eh, ayeunna sobatna
sorangan anu nyatakeun bogoh ka Réna. Nanging Réna bingung. Upami sobat mah
suka duka téh nyantai waé. Anjeunna tos ngabayangkeun. Ari anjeunna bobogohan
sareng Dio teras pegat, asana mah bakal béda deui carita kahirupanana.
“Yo, lainna ku nanaon. Abdi gé
resep ka Dio. Nanging abdi teu wani leuwih ti ieu. Abdi mah leuwih gumbira
upami Dio téh tetep janten sobat abdi.”
“Euh… Awas Na, bisi janten
istri anu sorangan waé saumur hirupna.” Sindir Dio deui mecah kaayaan anu
henteu genah. Anjeunna ngomong kawas henteu aya nanaon.
“Ih, da anjeun sobat téh sobat
anu teu bener!” ceuk Réna bari neunggeulan Dio nganggo tasna.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar